Langsung ke konten utama

Serat ti Cupumanik



Salam sinareng hormat,
Mugia Ibu/Bapa, salamina aya dina ginanjar kawilujengan. Amin.

Hatur uninga wiréhing ti ngawitan taun 2003 di Bandung parantos medal majalah Sunda Cupumanik. Ieu majalah medal unggal sasih, dupi nu medalkeunana Yayasan Kabudayaan Rancagé. Maksadna mah Cupumanik téh majalah umum aoseun urang Sunda anu insya Allah badé mayeng midangkeun seratan anu katimbang peryogi kaaos ku balaréa, pangpangna nu ngeunaan Sunda atanapi kasundaan boh karya sastra boh bahasan perkawis unak-anik kahirupan masarakat. Alhamdulillah ieu majalah parantos kénging pangbagéa ti balaréa anu ageung katineungna kana basa sareng budaya Sunda, boh anu dumuk di Tatar Sunda boh di sabudereunana.

Cupumanik, eusina tangtos mundel kanggo ngajembaran pangaweruh tina hal kasundaan. Aoseun para guru, murid, mahasiswa, sareng masarakat sanésna. Kandelna 92 kaca, Pangaosna mung Rp. 12.000,- saéksemplar.

Sinarengan ieu serat, seja ngadugikeun uar pangajak ka Pangersa Ibu/Bapa kanggo sasarengan paheuyeuk-heuyeuk leungeun enggoning ngamekarkeun basa katut budaya Sunda ku jalan ngiring ngalanggan majalah Cupumanik.

Hatur séwu nuhun kana sagala rupi perhatosanana. Mugia sagala rupi pamaksadan urang dina raraga ngaronjatkeun minat maca masarakat tiasa tinekanan. Amin.

Hormatna,

Réni Nur Aisyah
Adm. Pemasaran

Majalah Cupumanik
Redaksi/Tatausaha : Jl. Taman Kliningan II No. 5 Buahbatu Bandung 40264
Telp/Fax : (022)7310625 Pemasaran 02292373137 é-mail cupu_manik@plasa.com

Komentar

Postingan populer dari blog ini

BUKU RAPORT PAUD DAN PLAYGROUP

Mengingat banyaknya temen-temen yang mampir ke Blog mencari contoh format Buku Raport PAUD dan Playgroup atau apapun istilahnya, buku laporan perkembangan anak didik PAUD dan sebagainya silahkan tinggalkan alamat email di komentar atau shoutbox. Mohon maaf tidak bisa diposting karena filenya berupa format MS Word. Update 25/12/2013: Ini sudah dapat diupload contoh format raport nya di sini Link nya : http://www.scribd.com/doc/193654421/Cover-Buku-Penghubung-PG Semoga bermanfaat

QUICK COUNT PILWALKOT BANDUNG

Sekarang jam 12.55 WIB, siapa pemenang Pemilihan Walikota dan Wakil Walikota Bandung? 1. Edi Siswadi-Erwan Setiawan 2. Wahyudin Karandinata-Toni Apriliani 3. Wawan Dewanta-Sayogo 4. Ridwan Kamil-Oded M Danial 5. Ayi Vivananda-Nani Suryani 6. MQ Iswara- Asep Dedi Ruyadi 7. Budi Setiawan-Rizal Firdaus 8. Bambang Setiadi-Alex Tahsin Ibrahim yuk kita cari link nya: http://www.bersamadakwah.com/2013/06/quick-count-pilwalkot-bandung-2013.html   http://www.bersamadakwah.com/2013/06/quick-count-pilwalkot-bandung-2013.html Update : coba cek di account twitter nomer 4 berikut : https://twitter.com/RKBdg  

Kelas YouTube Gratis

GRATIS 🌹🌹 Kelas Gratis belajar YouTube bersama Priangga. Priangga Otviapta, seorang digital marketer sejak 2015 hingga saat ini. Disini kamu akan belajar dari pengalamannya selama bertahun-tahun. Langsung cek link pendaftarannya di bawah ini Kelas YouTube Gratis Atau Klik di sini